Papatah keur Barudak Ngora (Tong nyapelekeun jalma anu leuwih kolot….bahaya!)

Ieu ilustrasi-na………………………
Di hiji “Kandang Hayam” aya 21 eusina…..nyaeta 20 Hayam bikang ngora jeung 1 Hayam Jalu anu geus kolot pisan.
Anu boga hayam (Mang Adang) teh niggali hayam jalu geus teu produktif deui (kulantaran geus kolot tea meureun!!!).
Geus sapuluh kali manehna nyobaan ngasupkeun hayam jalu ngora tur gede awakna (maksudna supaya ngawinan hayam bikang)…………tapi sapuluh kali oge manehna kecewa.
Ah….coba sakali deui-lah…susuganan berhasil ayeuna mah.
Nya Mang Adang teh meuli hayam jalu deui. Trus diabuskeun ka kandang….
Sabari ngeusian mimis kana bedil, Mang Adang merhatikeun kalakuan hayamna.
Hayam jalu anu karek abus teh langsung ngadeukeutan hayam2 bikang.
Ceuk Mang Adang di jero hatena “Ieu pasti hayam anu bener2 jantan”.

Di jero kandang……Hayam jalu ngora disampeurkeun ku hayam jalu kolot.

Hayam kolot: Ke…ke…ke….naon maksud maneh ngadeukeutan bikang2 aing?!!!

Hayam ngora: Alaaaah…..kolot mah munduuuuur…..sapoe oge kabeh bikang ieu ku kuring bisa kacumponan.

Hayam kolot: Teu bisa!!!! Bikang2 ieu tetep milik aing!!!!

Kabeh hayam bikang malundur ninggali hayam jago pasea.

Hayam kolot: Oke….ku kuring diborahkeun kabeh bikang ka maneh!…Tapi aya saratna! Tong hayang gratis!!!!!!!

Hayam ngora: Naon saratna?

Hayam kolot: Urang balap lumpat tepi ka tungtung kandang. Sing saha anu sampe tiheula….eta anu boga hak ngawinan bikang2.

Hayam ngora: Satuju pisan (Hayam ngora nyegir ka hayam kolot)

Hayam kolot: Tapi masih aya sarat kadua……sabab kuring geus kolot…. kuring lumpat tiheula…..karek maneh nyusul!

Hayam ngora: Oke….

Ahirna dimulailah pertandingan………….hayam kolot lumpat ti heula…….disusul ku hayam ngora………………………
Teu kungsi lila……dor!!!! kadenge sora tembakan……………………………………..
Hayam jalu ngora ngagolepak bolobor ku getih.

Mang Adang: Sial bener euy…Aing meuli hayam jalu geus sabelas siki ………kabeh homo. Lain ngopenan bikang….eh malah ngudag2 jalu anu geus kolot!!!

  1. No comments yet.
  1. No trackbacks yet.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.